Rabu, 15 Juli 2009

Tat Tit Tut

Tat tit tut daun sampeu
Saha nu hitut eta nu ngambeu
Dibawa ka saung butut
Ari balik pak burusut

Kawih tat tit tut sok diulinkeun kubarudak lamun aya hiji perkara anu geus kajadian tapi teu aya anu ngaku saha nu ngalakonanana. Barudak ngariung terus salah sahiji jadi pamimpin. Eta pamimpin ngitung tiap barudak dimimitean ti manehna bari ngawihkeun tembang ti luhur. Hiji suku kata tina kawih di itung hiji itungan. Misalna tat = hitungan kahiji, tut = hitungan kadua jeung saterusna muter ka kabeh barudak nepi ka rengse eta kawih teh. Budak panderuri nu katunjuk ku itungan kawih eta sok dianggap jalma anu tanggung jawab kana kajadian / perkara tadi. Biasana budak nu ka tunjuk protes lantaran teu rumasa ngalakonan, terus babaturannana ngaheurueyan yen manehna anu ngalokonannana. Di dieu aya gogonjakan / pating heuheureuyan saling nuduh tapi bari heurey. Kaulinan eta jadi ngawangun kaakraban kulantaran kabeh barudak bisa jadi katempuhan jadi nu ngalokonanana.

Jakarta, 15 Juli
Nostalgia waktu kecil didesa

1 komentar: