Selasa, 21 Juli 2009

Cacaburange

Cacaburange burange tali gobang
Gobang pancarame pancarame
Anak gajah dipayungan
Jing gojing lewe lewe
Jing gojing lewe lewe

Kawih tiluhur biasana ditembangkeun babarengan jeung hiji kaulinan nyaeta nebak hiji barang (biasana batu leutik) aya dinu saha. Di ulinkeun paling sauetik ku tilu budak (leuwih loba leuwih rame). Carana salah sahiji budak jadi “ucing” atawa obyek nu kudu nebak, jeung nu lianna dipilih salah sahiji jadi pamimpin pikeun nembangkeun kawih tiluhur. Si “ucing” diuk nonggongan, terus nu lianna diuk ngurilingan si “ucing” bari nembrakeun leungeun diluhur tonggong si “ucing”. Si pamimpin tadi nembangkeun kawih tiluhur bari nyeukeul batu leutik terus eta batu teh diteken tekenkeun kana leungen nu namprak tadi bari muter ka masing masing barudak, supaya si ‘ucing” ngarasakeun yen batu teh dipindah pindahkeun di hiji budak ka budak nu lainna. Lamun geus arek rengse nembang, kabeh budak ngeupeulkeun leungeun bari ngiluan nembang tungtung kawih nayeta jing gojing lewe lewe. Si “ucing” hudang bari lulungu kulantara sinah peureum saacanna. Manehna kudu nebak dimana batu leutik tadi dicekel. Lamun salah manehna jadi “ucing deui, tapi lamun tebakanna bener, budak anu nyeukel batu tadi gentian jadi “ucing”. Supaya rame biasana barudak ngalelewe nu jadi “ucing” supaya si ucing bingung dimana batu tadi ditempatkeun ka salah sahiji budak.

Jakarta 21 Juli 2009
Sok inget zaman bahuela keur leutik pinuh kaulinan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar