Rabu, 22 Juli 2009

Eundeuk-Eundeukan

Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku Nini
Beunang deui ku Aki

Tembang diluhur biasana dikawihkeun lamun keur ulinan khususnya keur naek tatangkalan. Baheula diunggal hareupeun imah pasti saeutik eutikna aya dua tangkal bubuahan, boh jambu atawa rambutan atawa buah. Tangkal buah biasana loba dahanna jeung gararede kulantaran melakna tina siki. Barudak sok silih ngendagkeun dahanna bari ngawih eta tembang tiluhur. Atawa lamun ulin keur ngasruk terus mangihan aya tangkal anu rugrug terus barudak sok silih ngendagkeun eta tangkal teh supaya bisa ayun-ayunan bari nembangkeun kawih eundeuk-eundeukan

Jakarta 21 Juli 2009Seseorang yang rindu akan mainan tradisional

Tidak ada komentar:

Posting Komentar