Minggu, 31 Mei 2009

Kawih Sepdur Sepdur

Ulasan oleh Haryanto Niti Prajitno
(Turunan Jawa yang cinta bahasa Sunda)

Sepdur sepdur
Mantri-mantri maan debur
De las depan janur
Janur janur anak panungtung di tangkep

Saacanna punten bilih salah nuliskeun kawihna.
Lamun nguping lagu tiluhur tangtuna geus teu asing ka urang sadaya. Sakolebat inget baheula waktu dilembur keur leutik. Kira-kira taun 80-an. Lagu/Kawih/tembang eta sok dinyanyikeun pas caang bulan. Biasana dinyanyikeun bari arulinan kakaretaan. Kaulinan ieu kawas kaulinan oray-orayan. Saeutikna diulinkeun ku opatan tapi lamun leuwih loba nu miluan jadi leuwih rame kaulinanana. Dua jadi hulu kareta jeung gerbongna tapi lamun loba nu miluan nyaeta hiji jadi hulu kareta sesana kabeh jadi gerbong terus dua deui jadi panto kaluar asup kareta. Bari ngawihkeun eta tembang, kakaretaan eta maju kaluar asup panto. Pas tungtungna lagu (lagu rengse) duaan nu jadi panto nangkep kana gerbong tadi. Nu katangkep jadi “ucing” ngagantian jadi panto. Kitu saterusna gogonjakan, seuseurian pinuh kubungah pas caang bulan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar