Kamis, 07 Mei 2009

Kadeudeuh Hate

Kiwari mangsa teu karasa nincak kana sapta
Babarengan reureujeugan manjing karahayuan
Rerendengan miharep mandep kabagjaan
Paduduaan nitian carita saluyu kamulyaan

Duh ....panineungan…..
Jamparing asih nambih mihade na jero hate
Sagara cinta moal saat rasa salamina
Misaji leuwi kasatiaan pamadegan
Minoreh hiji jangji nu parantos kapatri

Duh…pangalamunan ...panghareupan
Mugiya Gusti maparin kahayang urang
Pageuh ku kadeudeuh
Raket ku kameumeut
Pinuh ku kareueut
Ngalayah ku kanyaah
Paduduan sauyunan
Gumbira....bungah ...tur guligah saterasna

Duh …..pangemutan
Ulah peugat najan ngolebat sakolewat
Ulah paturay kumarga datang sagala dodoja
Moal bisa di pangpalerkeun ku kabeh wanoja sadunia
Teu beunang dibebenjokeun ku pepesan kageulisan
Dugi tutup lawang ragha dibhuwana

Jakarta 6 Mei 2009Untuk Istriku tercinta

Tidak ada komentar:

Posting Komentar