Sabtu, 09 Mei 2009

Munggaran Serat Tali Asih

Kahatur Tuan Putri Mawar. Mimiten noreh prasasti nu bade disaji, nyambungkeun sampay carios anu lami diantos, teu lepat upami ucapan muja muji dipihaturkeun kapiluhung Agung anu Pangersa sadaya rumingkang di Alam jagat bhuwana Allah SWT. Sabagja dua kabingah nu teu aya pitanding salaksa ieu dinten Tuan Putri sehat lahir sumajeng bathin hegar manah rangkas waruga. Kapiwelas asih Gusti nu disuhun diembun embun manjing gapura karahayuan lir mencarna badra sangkala ka bhuwana tengah teu aya pegatna. Teu dipihilap miwah sungkup saparakanca di Banjar sinareng kulawargi salira Tuan Putri mugiya sami. Sa teu acanna neraskeun sampayan carita, ngaluang basa minilih kata, Aa Atho nyuhunkeun luntur galih jembar manahna Tuan Putri. Teu aya basa nudipika seja nyecep kana balung leuwi ati sanubari lian ti kahapunteneun dina nembean pisan ieu ngalayangkeun titisan serat ka salira Tuan Putri. Boh bilih aya kalepatan wawaran, tiluhur sausap rambut tihandap sadampal sampean. Tangtosna ngajagi kana tungtung peuntasna matak kamadharatan. Tuan Putri.... Aa Atho mihaturkeun nuhun kana rawuh salira Tuan Putri nyambungkeun tali asih silahturahmi. Kawanohan papada insan nu teu acan pernah paamprok jonghok patepang raray kapiawalna. Ciri hiji cikal binangkitna sumanget sumebar kawangian pangharepan enggal. Teu aya papada nu kapiucap, salira ti mugiya Allah SWT nimpal kana sadaya kasaean salira Tuan Putri...amin. Insya Allah, ku Aa Atho carios kawanohan eta bade dirurut moal dugi kasurut sinareng dijagi moal dugi kana basi. Manjing lestari dugi katutup lawang kahuripan dicakra bhuwana. Tuan Putri.... rarangken carios kawanohan nu nembean dipikasorang ku urang janten hiji papaes ati. Teu lantis ku muterna waktos, sinareng sirna kuparobihan zaman. Nanjep mantep lir gunung nu dipatri kujangji ngajaga bhuwana. Teu aya nu dipikaseja mugiya kawanohan janten hiji sasakala dina panghuripan salira Tuan Putri. sasakala nu sapertos bentang nu nyengcelik dilangit atanapi motah banyu laut dipasisiran abadi tur lestari teu aya pamrih nu dipikaasih. Tuan Putri.... upami urang rintih minilih dina salah sahiji wengi ngersakeun nafakuran kana sadaya kabentaran nu aya dilangit, kolebatna badra chandra opat welas anu teu aya tedeng aling-aling nembus dugi ka sapuraning bhuwana tengah. Mukakeun karahasiaan nu kasuput andung-andung kabingung. Teu aya ucap nu tiasa dikocapkeun, lian disimpen dina luewi ati nu abadi. Sadaya kaendahan eta janten hiji diari biography mung Gusti Allah SWT anu Ilmi. Atanapi jumintangna bentang baranang masihan rarancang lampah nu bade disorang. Kahuripan nu sapertos digurat takdir ku Pangersa. Tuan Putri....muterna kahuripan nu digambarkeun ku Aa Atho diluhur nembe, janten tanggul pangadeg nu pancen digerih dina alam pangemutan. Luncatan waktos nu teu karaos, ngajajapkeun urang ka garura raharja. Kasugihan, kabagjaan,kaberkahan nu ayeuna dilakonan panamba kana kepeurihan, kapilara anu parantos kasorang lawas katukang. Sadaya eta hiji amanat ti Pangersa nu pancen diraksa, pameunteu kana kahuripan abadi sabada bhuwana nyaeta alam baka anu nyata. Upami ngemutan papatah "dunya ngan ukur sadaun kelor" atanapi "yuswa sakembaran jagong" teu aya lepat upami urang mimiten ririntih kangge kahuripan jagi kapayun. Tuan Putri.... dina piakhir titisan ieu serat, sakali deui Aa Atho nyuhunkeun dipahunten ti luhur sausap rambut tihandap sadampal sampean kumargi tungtung bhuwana aya watesna piakhir basa teu aya wangunna boh bilih aya ucap basa anu teu sae. Kapendak lian ti beja. Kapinanggih lian ti basa Aa Atho ngantos bewara ti salira. NW : Upami Aa Atho nyebatkeun nami salira dina ieu serat raraosan teh kirang sopan kumargi kitu, nami salira digentos Tuan Putri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar