Sabtu, 30 Mei 2009

Siloka Prang Pring Prung

Lagu Prang Pring Prung
Sebuah ulasan oleh Haryanto Niti Prajitno
(Turunan Jawa anu cinta kana Budaya Sunda)

Prang Pring Prung
Sasunda sunda perang
Perangna di Pangadegan
Surundeng Puyuh
Hayam jago babanterna
Di kentreng kentreng kucubung
Kucubung kuruwak dugel
Mintel

Lamun nguping lagu diluhur eta, sok inget nuju masih alit keneh dilembur. Kinten kinten tahun 80-an eta lagu jadi paulinan barudak. Can aya budaya luar anu ngarongrong kana budaya Sunda harita eta. Burudak sunda estu bener-bener ngamumule kana budayana. Panasaran kana arti lagu eta, kuring nanya-nanya kaurang pituin Sunda. Tapi hanjakal teu aya nu nyaho pasti artina. Beja ceuk kolot kuring (Hanjakal anjeunna teh orang Jawa) mere nyaho arti lagu tiluhur. Saurna lagu eta teh dijieunna (diciptakeun) keur waktu panjajahan Jepang. Lagu eta ngandung siloka sumangat perjuangan ka pribumi pikeun mgusir bangsa deungeun anu kacida sarakahna. Kolot bareto ngahaja nyiuen siloka ieu supaya bangsa panjajah teu ngartieun kana maksud ieu lagu.
Kieu kurang leuwihna
Prang Pring Prung (Bral miang pikeun perang mawa sanjata dimimitian)
Sasunda-sunda Perang (Perang kabeh ditatar sunda)
Perangna di Pangadegan (Perang pikeun mertahankeun nagari)
Surundeng puyuh (Bangsa Jepang anu boncel/pendek enak/gampang dilawanna)
Hayam Jago babanterna (Ku pribumi anu leuwih hebat tur digdaya)
Dikentreng-kentreng kucubung (disumangetan ku mantera-mantera/doa anu mustajab)
Kucubung kuruwak dugel (Mantera/doa anu bisa ngarusak kawas sapi teu aya otak)
Mintel (Moal cageur-caguer malah nambah)

Jakarta 30 May 2009
Inget waktu keur budak baheula

2 komentar:

  1. Hatur nuhun pisan kana guarannana, kantenan magpaat. Salam pangabaktos ti saderek2 nu di Tasikmalaya.

    BalasHapus
  2. abdi nembe uninga kana maksadna. haturnuhun nambih elmu.

    BalasHapus