Kamis, 25 Juni 2009

Dukun Kahot Mahiwal

Weleh…. Weleh…. Weleh
Ku nanahaonan silaing kabeh
Make ngaganggu aing nu keur kerek sare
Euwueh deui gawe salian ti rame
Make mere kembang jeung kemenyan
Hayang ku aing silaing ditalipang

Mbah …mbah...mbah
Kawula seba kapisinuhun karuhun
Sembah kapiagung kapisuhun diembun-embun
Munjuk kapihayang mojang priangan
Kabentar asmara kajamparing pinasih
Wengi ka impi siang ngalangkang

Weleh weleh weleh
Silaing ngarasa geus eleh
Serah bongkokan teu boga lelendeh
Ku awewe nu teu weleh
Weleh weleh weleh

Mbah….mbah….mbah
Kawula ngalokoni ing mangpirang rupa
Mimiten tatakrama tur niti tutur basa
Cara ning pakayaan parat ning maparin kasaban
Tapi kapihasil bawaanna nihil

Weleh weleh weleh
Ha haa haaa haaaaaa
Beak dengkak duit beak
Harapan apes harta ambles
Silaing hayang awewena miang
Geus ayeuna mah silaing balik nyingkah siah
Ulah kalah ngajedog kawas entog arek ngendog
Tihareupeun beunget aing nu geus pusing
Matak nepi kieu oge aing tibaheula teu boga wanoja
Teu payu, euweuh hiji – hiji acan awewe nu daek ka dewek
Matakna aing begang tinggal daging eujeung tulang
Haaaa haaaaaa haaaaa

Jakarta 25 Juni ‘09
Puisi lucu dukun kahot yang tak laku-laku

Tidak ada komentar:

Posting Komentar