Selasa, 09 Juni 2009

Beban Hirup

Beaya kasehatan mahal teu kahontal ku akal
SPP sakola teu murah jeung teu lumrah
Ongkos kandaraan teu ka berik ku jalma leutik
Gaji ngan ukur cukup meuli teri jeung tarasi
Beban hirup geus teu sanggup
Papada jalma teu aya rasa kulawarga atawa baraya
Uang aing nu penting mah uwing manjing
Bodo batur pahibut kokoro mulud
Kaluhur ngajilat pikeun bisa naek pangkat
Kasahandapeun nincak najan pating koceak
Parawan geus teu boga kaera ngajual raga
Barudak geus teu aya boga tatakrama
Indung Bapa tara ngajarkeun tatali gama
Naha saha anu salah
Cenah nagara iue teh gemah ripah
Subur makmur tentrem ayem
Taneuhna berkah pikeun nyawah
Laukna gampang teu hariwang
Buahna tinggal ngala teu kudu menta
Tapi prakna......
Sapoe bisa dahar oge geus hade
Ulah aya kahayang nu nyaliwang
Komo boga banda sagala aya
Hirup balangsak jeung sangsara kabina-bina
Hibospaho
Hi-rup bo-sen pa-eh ho-ream

Jakarta 9 Juni 2009
Memahami beban hidup yang makin sulit akibat krisis global

Tidak ada komentar:

Posting Komentar