Cekecekecek .......cekecekecek
Raja setan nu kawasa .....ratu iblis nu digdaya
Amit-amit jabang bayi
Ulah sakaturut-turutna
Kabawa ka indung bapa
Kapincut ku anak incu
Kabentar ku uwa bibi
Karasuk mitoha garwa
Cekecekecek...........cekecekecek
Raja setan nu kawasa .....ratu iblis nu digdaya
Amit-amit jabang bayi
Nyingkah siah ka bebegig sawah
Ngiprit indit ka raja demit
Mabur ngacir ka wedo genderewo
Cekecekecek...........cekecekecek
Raja setan nu kawasa .....ratu iblis nu digdaya
Amit-amit jabang bayi
Bayi welang nu dipantang
Bayi bodong rambut gondrong
Bayi ajaib borojol maghrib
Cekecekecek...........cekecekecek
Raja setan nu kawasa .....ratu iblis nu digdaya
Amit-amit jabang bayi
Byar miang ulah ngaganggu kawula
Prung ngapung ulah mantog ngajedog
Nepungan balad maraneh kabeh
Cekecekecek...........cekecekecek
Raja setan nu kawasa .....ratu iblis nu digdaya
Amit-amit jabang bayi
Kawula nyuwun karuhun nudipikasuhun
Miceun bala nu aya di ragha
Menta namba nu aya di jiwa
Jakarta, 7 September 2001
Teringat akan sebuah cerita karuhun
Jumat, 24 April 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar